TUKANG BASO DI TANJAKAN EMEN

Rabu, 19 Feb 2020 | 05:43:48 WIB - Oleh Nurdin | Dibaca 2698


TUKANG BASO DI TANJAKAN EMEN
   

Ku: AGUS MULYANA

Disdik.purwakartakab.go.id -- Soré kénéh gé geus béak baso mah. Balik peuting sotéh bari sakalian lalajo wayang di nu hajat. Mang Oding, tukang baso urang Lémbang karanjingan pisan lalajo wayang golék. Harita gé nya kitu, sanggeus pépérén daganganana, tuluy milu nagog lalajo wayang di nu kariaan ngawinkeun di Kampung Cicénang, Ciater Subang.

Sanggeus liwat tengah peuting, Mang Oding kakara inget yén engké subuh kudu nganteur pamajikanana ka Purwakarta. Jadi, sanajan carita wayang can tamat, manéhna maksakeun balik. Handeueulna mah nataku, da panasaran.

Ti Cicénang ka Lémbang téh lumayan jauhna. Jalanna tetewang wungkul jaba nanjak, ngaliwatan kebon entéh jeung pines, paroék matak sieun nu borangan. Tapi pikeun Mang Oding mah geus biasa ieuh. Teu jadi halangan. Motorna maju lalaunan, teu bisa gancang sabab mawa ancak baso nu diperenahkeun dina jok tukang, siga kalolobaanana tukang baso jaman kiwari.

Kaayaan poék meredong, cahaya bulan kahalangan ku méga hideung, siga nu sabreg-bregeun rék hujan. Lebah tanjakan Émén, motorna ngagaléong ka sisi, bis waé nyuksruk ka kebon entéh. Panasaran, eureun heula. Paingan atuh ban tukang motor téh bitu. Mang Oding ngahuleng bingung. Mun teu mawa ancak baso mah teu jadi bangbaluh rék dipaksakeun wé, digurudugkeun. Ari ieu apan beurat.

Ti béh hareup, peuntaseun jalan ka kebon entéh katempo aya jalma leumpang ka lebah manéhna. Rada bungah, sugan wé bisa dipéntaan tulung, nyurung motor ngaliwatan tanjakan Émén. Geus liwat tanjakan mah tinggal nungtun ka lebak, bari susuganan aya tukang tambal ban nu muka duapuluh opat jam.

Nu tadi leumpang ngadeukeutan. Sanggeus deukeut..., Astagfirulloh! Mang Oding ngagebeg. Reuwas lain dikieuna. Tuur nyorodcod awak ngeleper. Teu reuwas kumaha, nempo jirim nu leumpang téh geuning euweuh sirahan. Untung kaburu sadar, motor disetandarkeun, gog manéhna cingogo embung nempo jirim nu leumpang peuntaseun jalan. Manéhna peureum bari babacaan, nyumput handapeun ancak basona.

Geus rada lila, nyah beunta. Nempo ka peuntaseun jalan. Euweuh nanaon. Mang Oding maksakeun cengkat. Teu luak-lieuk deui, clak motor ditumpakan, rek dipaksa digurudugkeun. Keun waé vélek motor ancur gé, tibatan kudu cicing di dinya. Tapi anéh, motor teu bisa maju. Beurat kacida! Panasaran rét ka tukang. Taya nanaon. Alak-ilik bisi aya batu nu ngaganjel kana ban, tapi sidik euweuh.

Keur kitu, gorobas, gajleng, aya nu luncat tina gawir ka kebon entéh di lebak. Mang Oding ngayekyek, awakna siga nu muriangan. Teu tahan ku kasieun nu pohara. Motor dipaksakeun ditungtun. Maju lalaunan. Bari leumpang nyurung motor, sagala jajampéan dirapalkeun, sugan bisa nyinglar ririwa nu ngaheureuyan manéhna.

Antukna nepi ka tungtung tanjakan. Rada ngemplong meueusan. Di tengah kebon entéh, handapeun jalan kadéngé réang sora nu gogorowokan ménta tulung. Mang Oding teu wani ngalieuk. Noyod wé nungtun motorna. Ngan, teu ku hanteu. Di béh hareup sisi jalan, katempo aya awéwé nangtung bari nananggeuy mangkok. Sidik pisan kasorot ku lampu motorna. Mang Oding ngarandeg. Teu wani nyampeurkeun nu megat siga rék meuli baso.
     “Anya kényéh masonya, Mang?” Cenah, sorana ngirung.
     “Euweuh, geus béak!” Ceuk Mang Oding timbul wawanénna. Teu antaparah, kop kana batu, belewer dibalédogkeun. Les jirim awéwé téh ngaleungit.
     “Haram jadah kieu-kieu teuing mah! Dilawan siah ku aing!” Ceuk Mang Oding susumbar. Tina sieun nu pohara jadi malik wani, kasurung ku kaambek ngarasa diteungteuinganan ku mahluk nu karitu.

Nepi ka imah késang luut-léét. Capé, reuwas, soak, jeung ambek pagalo jadi ngahiji. Ngan, basa pamajikanana nyampeurkeun bari nyarita, “Asa bau hangseur, Kang!” Mang Oding ngaléos ka sumur bari nutupan calana hareup ku dua dampal leungeunna. Sidik baseuh!***



Senin, 17 Feb 2020, 05:43:48 WIB Oleh : Nurdin 2998 View
SABOT NGIUHAN DI CISAAT
Jumat, 14 Feb 2020, 05:43:48 WIB Oleh : Nurdin 2476 View
NU NGAGEUGEUH JATILUHUR
Sabtu, 08 Feb 2020, 05:43:48 WIB Oleh : Nurdin 4730 View
102 GURU MENGIKUTI TES TULIS BAKAL CALON KEPALA SEKOLAH

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE